meta charset='utf-8'/> CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA | Catatan Sang Blogger CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA

Berbagi Artikel dan Tips

Senin, 29 Desember 2014

CONTOH ARTIKEL BAHASA SUNDA

Tidak ada komentar :

 CONTOH ARTIKEL PAKAI BAHASA SUNDA

Mama Haji Sulaeman


Tapi, lamun nini geus cumarita, panon anu geus cepel ogé ngadak-ngadak muka deui. Geus puguh ceuli mah direbingkeun, da hayang jéntré ngadéngé carita ti anu jadi nini. Listrik geus aya, ngan teuing kunaon, anu jadi aki leuwih resep maké batu batré tibatan listrik keur ngahurungkeun radio téh.
Ti baheula, Sukabumi téh nelah kota santri. Sawaréhna ngadon ngaréndong di masigit atawa di pondok anu diwangun gigireun masigit. Wanci  janari leutik, hawa meujeuhna tiis, simpé, anu maca Qur’an laun ogé teu weleh kadéngé, geus puguh lamun anu macana réang mah. Zaman kiwari mah kuring asa anéh, tong boroning jalma, dalah anu ngaranna hayam ogé kongkorongokna téh geus teu tangtu, teuing sugan hayam geus jarang? Meureun matak kieu ogé aya anu salah.

Ceuk nini, Ajengan anu dipikasérab, boh ku Walanda ogé ku masarakat wewengkon Balandongan nyaéta Mama Haji Sulaeman. Anu séjén ngomongkeun boga élmu saépi angin. Keun teu kudu dicaritakeun masalah bisa ngaleungit atawa henteuna mah, anu puguh mah naon anu jadi kasang tukang, Mama Haji nepi ka dipikasérab ku jalma-jalma.?

Dipikasérabna jalma sarimbag jeung élmu anu dipimilik ku éta jalma. Ngan teu cukup nepi ka dinya, élmu anu dipimilik téh kudu bener-bener ngajirim jadi tingkah laku anu nyata. Élmu anu dipimilik éstu dibuktikeun ku amalan-amalan anu nyata. Lamun ceuk agama, jalma téh kudu hormat ka sasama, meureun hormat ka sasama téh lain saukur caritaan dina paimbaran wungkul , ogé diréalisasikeun dina réngkak paripolah. Kaikhlasan ieu jigana anu jadi matak, nerapna élmu anu diajarkeun ku Mama Haji ka para santrina. Kaikhlasan ieu anu jadi matak dipikasérabna Mama haji ku balaréa.

Ceuk Walter Lippman, tindakan jalma-jalma anu ikhlas ieu, anu bisa ngahirupkeun sumanget jalma-jalma letoy, hal anu  mustahil bisa jadi teu mustahil.Contona: asa jauh langit ka taneuh, bangsa urang anu ngan saukur ngagunakeun bambu runcing bisa merangan Walanda anu marawa bedil, merieum, kapal tempur, tank baja, jeung bom. Ku kaikhlasan mah, ku ngucapkeun ALLAHU AKBAR ogé, jalma-jalma anu teu dahar sapopoé bisa ngawujud jadi singa di médan laga. Antukna, ceuk Lippman kénéh, lamun kaikhlasan geus jadi motivasi hiji bangsa: “Bangsa anu geus leungiteun kayakinan dina sagala hal téh bakal manggihan deui rasa percaya kana dirina sorangan.”

Lain Mama Haji Sulaeman wungkul meureun anu boga sifat éta téh, ogé diturutan ku rahayat séjénna, sok sanajan teu saeutik meureun dina zaman Walanda ogé aya bangsa urang anu nyokot  untung tina énténg, ngakhiatan bangsa sorangan , ngajual harga diri ka panjajah keur kasenangan diri, kulawarga, jeung kanca-kancana. Sabab, taneuh anu ku urang ditincak, cai hujan anu ngaguyur bumi, emas anu ku urang dikeduk, lain warung, lain Toko, lain tempat jual beuli barang loakan. Tapi milik Anu Maha Kawasa.

Tungtung Zaman


Dina gawir Anu lungkawing. Lamun teu boga cara pikir anyar, geus tangtu katinggaleun ku batur anu cara pikirna aranyar. Asa patojainyah pisan, zaman sing sarwa anyar tapi ku kuring disebut zaman akhir. Lamun niténan sajarah manusa kalayan tenget, sabenerna, hirup jeung sajarah manusa teu bisa dipisah-pisah, direcah kawas urang nyiksikan daging, ti mimiti sajarah manusa aya, ti mimiti seratan dipikawanoh ku manusa anu disebut zaman sajarah téa, nepi ka danget kiwari kudu disajajarkeun kalawan bener. Pentingna nyayahokeun sajarah téh lain saukur keur nambahan pangarti, tapi aya hal séjén, ku ngartina urang kana sajarah kahirupan manusa, bakal muka diri urang, lamun zaman ti mimiti aya manusa nepi ka danget ayeuna téh, éstu hiji mata ranté anu teu bisa misah. Kuring kumawani nyerat, lamun zaman anu ayeuna ku urang keur dicicingan mangrupa zaman akhir, gawir anu lungkawing, lain pédah nyanyahoan, tapi teu leupas tina hiji  kayakinan, lamun sagala anu fana geus tangtu bakal manggih tungtung.

Tapi sing inget, da anu ngaranna kolonialisasi jeung impérialisasi mah teu saukur dialaman ku zaman pasca révolusi industri wungkul, kahayang manusa  ngumawasa ka manusa séjénna geus lumangsung jauh saméméh zaman modérn. Dina mangsana, manusa bakal jadi siga robot anu aya dina hiji kotak, dikumpulkeun ku anu bogana, terus dicocoo sakahayang manéh. Manusa ngan jadi saukur barisan data, ngaran anu dipajang dina papan data, dipaksa sangkan nyabut jatidiri anu sajati, urang Sunda bakal kapaksa ngaleupaskeun kasundaanna da keur ngudag batur anu geus nyaluyukeun manéh jeung zaman.  Da dina zaman akhir mah moralitas geus moal laku. Anu laku di dieu mah nyaéta populéritas.

Hartina, pola pikir urang geus pakem, ngan saukur ngandelkeun kognitif wungkul, atuh kusabab anu digugulung téh kognitif, geus tangtu anu dikaluarkeun ku diri urang ogé hal anu kudu loyog jeung pikiran urang. Lain pikiran murni, tapi pikiran anu geus dibaruang ku kaayaan. Lain hartina kuring teu percana kana humanisme, da humanisme anu sabenerna mah ngajarkeun lamun manusa téh sabagé puseur kakawasaan, hirup jalma ditangtukeun ku éta jalma. Miceun hal-hal anu métafisik tina kahirupan.

Kusabab kognitif anu digugulung jeung diajén-ajén, balukarna anu diajén-ajén, diadén-adén, diménak-ménak téh lain saukur eusi sirah, tapi raga badag anu katénjo wungkul, lahiriah anu karampa. Titél anu nyantél, status sosial, jeung jabatan anu jadi ukuran manusa boga harkat di hareupeun manusa séjénna.
Toffler bisa jadi hiji jalma anu boga kayakinan, lamun hirupa manusa téh bakal salilana ngajurus kana kamajuan. Da anu ngaranna ngaramalkeun mangsa ka hareup mah hiji hal anu mustahil. Lamun manusa geus dialeutkeun ngan saukur barisan data anu minuhan papan data, computer, robot bari teu boga haté, anu bakal digugulung téh kumaha carana ngéléhkeun anu séjén. Pasanggiri anu dimeunangkeun ku agama ngan saukur tina kaalusan, tapi lamun haté geus dicabut tina kahirupan, pasanggiri anu lumangsung nyaéta, kumaha carana sangkan urang anu meunang sorangan, dina éléhna ogé urang moal narima.

Atikan Kasenian di Sakola, Napak dina Budaya Bangsa


ANU pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh baé tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman. Perkara isuk jaganing géto aya diantarana nu jadi seniman, éta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola téh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kréatif.

Ku ayana atikan kasenian, siswa ogé dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan  di lingkungan sosial budaya Indonésia. Jadi, atikan kasenian téh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran séjénna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni séjénna. Perkara éta nuduhkeun yén naon rupa perkara ogé bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.

Pamaréntah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya téh mibanda harti yén atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan séwang-séwangan. Lantaran bangsa Indonésia mibanda kabeungharan budaya, tangtu baé di saban wewengkon téh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta béda jeung seni budaya séjén. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda ogé kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajén-inajén punjul, sarta boga ciri has séwang-séwangan.

Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditépakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna béda jeung seni budaya deungeun.

Hususna di tatar Sunda, tangtu baé anu perelu diwanohkeun téh seni budaya Sunda. Réa urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu baé kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.

Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku népakeun basa Sunda jeung rupaning kamonésan basa Sunda dina ajén sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yén basa Sunda téh henteu kampungan. Basa Sunda ogé bisa jadi basa rupaning paélmuan. Komo deui lamun ngagedurkeun népakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Mémang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari ogé masih kénéh réa nu nganggap yén aksara Sunda téh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saéstuna mah aksara Sunda téh “ka ga nga…”. Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoé. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hésé, tinggal basana nu kudu digedurkeun téh, lantaran basa Sunda mah masih kénéh diparaké dina kahirupan sapopoé. Malah dina tayangan tivi nasional ogé, basa Sunda mindeng dipaké, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun ogé apan bisa nuduhkeun yén basa Sunda téh masih kénéh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoé. Nu leuwih utama, basa Sunda téh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

SILAHKAN SOB KOMEN DISINI